'ENTER TEXT HERE'
WILAYAH KERJA: PROVINSI JAWA BARAT, DKI JAKARTA, BANTEN, DAN LAMPUNG

Ngaguar Beuti Harti Sisingaan

Ku. M. Nana Munajat Dachlan

Tatalu
Sisingaan kiwari geus jadi ciri mandiri masyarakat Subang, mun ditilik tina jirim mungguh ahéng,rupa sato anu kurudukna ti nagri deungeun (baca Inggris jeung Walanda) bet jadi bandana urang Subang, lebah dieu luhungna luluhur urang Subang nu parigel tur seukeut uteukna bisa matéakeun bandana deungeun jadi banda sorangan, sarta merenah dina nempatkeun, teu tumarumpang, dalit ngahiji, gumulung jeung lelembutan. Ku karancagéan seniman Subang kamari jeung bihari, jirim singa, ngajangélék jadi pakakas kasenian anu mibanda warna local (local color), jeung warna kapribadian (local genius).

Kasangtukang
Sisingaan asal kecap tina “singa”, éta kecap dirajék, atawa make kecap rajékan jadi “Sisingaan” anu hartina lain singa saujratna, lain singa anu sabenerna, tapi bonéka atawa patung kawas singa. Aya sawatara masarakat anu nyebut kana ieu kasenian téh ku istilah odong-odong Citot, Kuda dépok,Kuda ungkleuk,Kukudaan, Singa dépok. Ti iraha kasenian Sisingaaan medalna?, tepi ka danget ieu taya bukti, boh dina wangun catetan, boh dina wangun gambar nu bisa nuduhkeun kasangtukang kasenian Sisingaan. Mun ditilik tina jirimna mah kasenian Sisingaan warisan tina budaya totem, ieu kagambar tina jirim anu kabandungan ku anu nulis, dina taun 1960-an saméméh jirim jampana bonéka Sisingaan kawas kiwari, jirimna téh rupa-rupa kayaning sosoangan, gagajahan, mamaungan, mamanukan jeung jampana anu jirim bonékana niron tina sato. Tina jirim kawas kitu, karasa, karampa adekna jeung budaya “totémisme”. Budaya heubeul, anu pakait jeung kapercayaan ayana kakuatan tina jirim sato, anu baris nyinglarkeun rupa-rupa gangguan ti mahluk anu ngageugeuh buana peteng.

Di wewengkon Subang Pagunungan, wujud jampana sosoangan, gagajahan, mamaungan, mamanukan masih katémbong tepi ka taun 1966, disebutna ogé iring-iringan. Harita mah can aya grup kasenian Sisingaan, nu naranggung jampana dulur jeung tatangga anu boga hajat. Jampana Sisingaanna dijieun ngadadak , rahab atawa bahan keur nyieun awak tina carangka dibungkus ku karung goni, minangka buluna ku daun manjah, daun kaso jeung daun pineus. Pamanggulna ku awi. Pamirigna make waditra anu aya di lembur, kayaning dogdog, angklung jeung kendang penca. Anu dikariakeunna mun budak lalaki anu geus disunatan, mun awéwé anu geus digusaran, budak awéwé digotong dina jampana, atawa mamanukan, anapon budak lalaki dina mamaungan atawa Sisingaan. Éta Sisingaan diarak mapay jalan ngurilingan lembur, anu ngilu ngareuah-reuah ti mimiti budak satepak tepi ka kolot sajebrod, waktu Sisingaan diadukeun, sakumna anu aub kana iring-iringan surak bari ragem nyebut “héy-héy, hoyah-hoyah-hoyah”. Aya kalana Sisingaan, mamanukan, mamaungan, jeung sosoangan mun diadukeun téh tepi ka huluna ruksak. Anu ngarak ku salasaurang calagara beungeutna dicorengan ku bulao, cnah éta téh sangkan teu kaeunteupan ku jurig jarian.

Nincak ka taun 1967 di wewengkon Tambakan medal singa abrug, hasil kamotékaran Ukat Mulyana alias Robot, jampana na geus ngaharib-harib Sisingaan, ngan bahanna masih basajan, piriganna maké waditra angklung pentatonik laras salendro, anu diwaangun ku:2 angklung galimer,2 angklung indung,2 angklung pancer, 2 angklung roél, 2 angklung ambrug,2 angklung éngklok, 1 tarompét, 2 dodog lojor, 1 bedug, jeung 3 terbang. lagu nu sok dipidangkeun badud, samping butut, manuk hideung, sireum beureum, jeung sajaba ti éta. Anapon lagu bubukana nyaéta tunggul kawung. Kitu deui koréografina basajan pisan ngan ukur mincid, jeung dorong sapi. Dangdanan anu maraénna make baju kamprét, calana pangsi jeung iket, karéréanna mah make baju nu sok dipaké sapopoé.

Méh sawirahma jeung singa abrug, di wewengkon Rawabadak Subang muncunghul Singa Dépok Abah Éman Rawabadak Subang, anu tukang kendangna Mang Endik, Rohdi, jeungan Mista, piriganna maké kendang penca. Pangna disebut singa dépok, pédah dina garapanna make gerakan dépok.

Boh din iring-iringan, boh dina singa abrug, témbong ayana pola papasangan, dina wangun pahareup-hareup jeung patukang tonggong. Nurutkeun Jakob Sumardjo, ayana konsép papasangan, warisan tina budaya pahumaan “ Ayana konsép papasangan biner jeung paradoks, hiji cicirén masih paadekna jeung budaya tatanén, anu eusina perlambang kasuburan. Tumuwuhna kasuburan, alatan ayana unsur awéwé jeung lalaki anu gumulung ngahiji”. (1997 : 7).

Wangun jampana kasenian Sisingaan anu jirimna kawas sasatoan mangrupa artéfak budaya urang Subang warisan nilai arkeologis ti karuhunna. Nu disebut artéfak nyaéta arkéologi pikiran lokal. Nu nyampak dina pikiran-pikiran sopan santun (etiket), pikiran bener-salah (etika), pikiran duduluran, pikiran-pikiran kaéndahan (estetika), Jsb. Pikiran-pikiran primodial lokal éta téh beunang ngundeur tina pangalaman jeung dongéng ti luluhurna. Pikiran-pikiran nu nyamuni tina éta pangalaman jadi kabeungharaan lelembutan masarakat panyanggana.” (Jakob Sumardjo2009 : 4). Jampana patung mamanukan, mamaungan, perlambang paradoks, maung symbol taneuh, manuk symbol langit atawa hujan/cai, ogé perlambangna wanoja. Éta dua wujud, gambaran tina konsép papasangan, anu pahareup-hareup jeung patukang tonggong, tapi dalit ngahiji atawa harmoni. Tina konsép papasangan saperti kitu, nyandingna ajén-inajén alam pikiran Sunda heubeul, anu migandrung ayana papasangan nu harmoni. Sabab tina harmoni anuparadoks ngancikna anu Tunggal Mutlak téh. (Ibid, hal : 16).

Kamekaran Sisingaan
Ayana pola ibing Sisingaan, medal tina kamotékaran, ku gawé rancagé Ukat Mulayana alias si Robot, lahir warna anu anyar. Harita téh Ukat katotol mahér nabeuh kendang digupay ku wakil Arma warga Kampung Nyimplung pikeun nagdeudeul grup Sisingaan anu dikokolakeunna. Jorojoy hayang ngasupkeun pola-pola ibingan jeung pirigan ketuk tilu, dogér, jeung penca kana garapan Sisingaan. Hasil gawé rancagé Ukat kaambeu ku Amin pajabat Pemkab Subang widang Kesra. Grup kasenian anu diasuh ku Wakil Arma diondang ka pendopo, kalawan disakséni ku para inohong. Hasil garapan Ukat diropéa deui, anu hasilna dipaké ngabagéakeun Présidén Suharto, dina hari krida pertanian. Éta kajadian dina taun 1968, minangka titik pamiangan pola ibing Sisingaan.
Keur leuwih ngaronjatkeun garapan kasenian Sisingaan, dina taun 1970-an, Édih Aziz Sukanta, Armin Asdi, Idit Supardi Madiana ngaréka kasenian Sisingaan, kalawan ngamaneuhkeun pola-pola ibing jeung pirigan katut ngadangdanan bonéka Sisingaanna. Kalawan sumber garapanna nyoko kana patokan ibing ketuk tilu, dogér, jeung penca. Bonéka Sisingaanna diropéa deui ku Onong Nugraha. Hasilna dipintonkeun dina Festival Kesenian Rakyat Tingkat Nasional di Jakarta, Tahun 1978. Keur mageuhanna sabada festival digelar seminar Sisingaan, pola anu dijieun harita, dipaké tepi ka ayeuna. Anu pola garapanna diwangun ku : Bubuka (tatalu), naékeun (pasang, gobyog. najong , penca tepak tilu, dépok tungkul, Kidung, éwag, mincid ,solor mincid badag helaran, jeung atraksi. Waditrana kendang indung, kendang kemprang, kulanter, penclon, tarompét, kecrék, kempul jeung goong. Lagu anu dipidangkeun Koléar, m Kidung, m Gondang, Kangsréng, Awi ngarambat, Kembang beureum, Buahkawung, Arang-arang, Siuh, Séenggot, Géboy, Sinur, , Kulu-kulu sadunya, Lagu-lagu Jaipongan Marsan ( Mapay Rokok, Tumbila Di Adu Boksen). Nu midangkeun laguna sindén atawa juru kawih. Dangdanna maké baju kamprét, calana Pangsi, Iket, beubeur, sapatu, kaos jeung kaki. Mingka sound sistemna make toa.
Kiwari boh korégrafi, boh waditra, boh dangdanan geus leuwih réa modélna, kaasup ayana pangibing pangeuyeub (penari latar), rupa-rupa property, soud sistemna ogé leuwih canggih, sarta teu dipapanggul, geus maké roda husus. Nilik kana kamekaran Sisingaan ti mangsa ka mangsa, Sisingaan tina basajan undak jadi leuwih euyeub. Modél kamekaran saperti kitu nurutkeun ahli antropologi Tylor, teu leupas tina kamekaran budaya masarakatna. Kabudayaan manusa tina basajan mekar jadi leuwih kompléks (Ihroni, ed,1999: 54).
Ajén Inajén
Konsep papasangan dina kesenian Sisingaan gambaran tina wadah jeung eusi, atawa kosong eusi, kawas keris jeungw arangkana, kawas congkrang kujang papasangan. Cangkang jeung eusi kudu sarua lobana. Wadah téh kosong nyaéta bumi watekna lalaki ( garing) sdengkeun kosong téh eusi jirimna langit watekna awéwé(baseuh). Beuti hartina hirup manusa salawasna papasangan dina amparan harmoni.
Pasangaan Pa – hartina alat – Sanga - hartina salapan Maksudna supaya urang salawasna waspada ngajaga lawang dosa anu Salapan. Pasangan bisa oge di hartikeun papasangan , dina lakuning hirup urang nyinghareupan dua pasualan anu beda - Beurang peuting –Awewe – Lalaki - jeung saterusna. Anu leuwih penting kawaspadaan dina diri urang pikeun nyinghareupan musuh atawa serangan ti luar jeung ti jero, anu ngabahayakeun ka diri urang. Lawang dosa anu Salapan. Mata ningali, zinah mata, baham cumarita, pitnah, baham barangtuang, ngadahar barang anu teu halal - anu lain hak. Akal -- Nipu, Cepil ngarungu - ngahudangkeun nafsu, atawa niat anu kotor anu henteu luyu reujeung ajaran agama atawa kayakinan. Panangan - Mateni, Sampean - Sasar atawa linglung dina lakuning hirup. Syahwat Zinah / Ranyed. Pikeun nyinghareupan hal- hal anu kasebut diluhur, kudu aya parobahan anu total dina diri urang, kudu waspada dina ngajaga atawa nitenan sagala rupa pasualan anu aya dina diri urang, carana – Taat – Tumut kana parentah Alloh Ta’alla. ( Taubatan nasuha ).
Tina ibing Sisingaan aya jurus kelid, gunana keur ngagiwar, sangkan teu keuna ku panarajang musuh. Kelid keur nyalametkeun diri. Dina masang jurusna ulah hareup teuing jeung ulah tukang teuing, kudu panceg dina garis kasaimbangan. Anu eusina hirup kudu sineger tengah. Adeg-adeg kelid kudu panceg,(panceg dina tangtungan alif), kudu nangtung dina tangtungan, sarta kudu istiqomah, dibarung ku “cageur, bageur, pinter, jeung bener. Lian ti kelid, aya jurus selup.Tina basa Sunda selup hartina nukeuran, paselup –patukeur. Eusina yén dina lakuning hirup, ulah patukeur antara nu salah jeung nu bener, nu enya ulah dilain-lain, nu lain ulah dienya-enya. Ngadék kudu sacékna, nilas saplasna. Jurus selup dimimitian ku nyumputkeun leungeun dina kélék atawa ingkab. Hartina mun boga élmu ulah hayang katanggar, jeung ulah ujub ria takabur. Selup wancahan (akronim) tina kecap daser-lep. Ser datangnna hawa napsu, lep lelepkeun kana cai kahuripan sangkan hirup tentrem jeung tingtrim.
Léngkah tina Sisingaan maju, jeung mundur, beuti hartina “Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala saléngkah, ka kamri pulang anting, tumpa tempo ka pagéto, isukan purug anjangan” . Eusina ngingetan ka urang kiwari sangkan ulah jauh teuing neuteup ka hareup, anggang teuing nyawang ka tukang, udagan téh kudu anu baris kadongkasng, diluyukeun jeung kamampuh diri.
Kuda-kuda atawa adeg-adeg dina ibing Sisingaan kudu pageuh jeung panceg , eusina kudu nangtung dina tangtungan, ngadeg dina pangadegan”. wawuh ka tangtung ingsun, dalit kasanubari, wanoh ka lelembutan. .
Pola lantai beulit kacang, ider naga jeung ider munding, ider naga arah jarum jam, ider munding sabalikna. Mibanda harti manusa gelar ka Buana Panca tengah teu lana, baris mulang deui ka alam padang poé panjang. Tina ider munding manusa kudu “kia” jeung “mideur” kudu motékar ngrah mekar, dibarung ku inget kapurwadaksina.
Ti sagédengeun konsép papasangan, dina kasenian Sisingaan nyangkaruk pola tilu, dina wangun “tilu sapamulu, dua sakarupa, hiji éta kénéh”. Atawa konsép “Tri tangtu”. Anu eusina “Tékad, Ucap, Lampah”, Siliasih, aliasah, jeungsiliasuh, ratu rama jeung resi. Tékad (kahayang), ucap (pikiran), lampah (kalakuan) ulah méngpar tina tetekon agama jeung darigama. Siliasih, siliasah jeung siliasuh, parigeuing sangkan urang Subang hirup silipikanyaah, silibelaan, silisimbeuhan kaweruh, jeung siliasping. Ratu diri kudu bisa ngadalikeun hawa napsu, kudu bisa mingpin diri sorangan atawa kudu ngajénan ka anu jadi pamingpin, rama kudu weuruh jeung ngamalkeun bag-bagan agama, atawa kudu taat ka anu jadi kolot, resi hartina kudu mibanda kaahlian, atawa kudu ngajénan, hormat ka guru.
Budak jeung payung dina kasenian Sisingaan perlambang generasi ngora anu baris neruskeun perjuangan, kukituna, anu leuwih kolot kudu mayungan, ngaping, ngajaring, budak sangkan jadi jalma anu weruh disemuna, rancagé haténa.
Warna dina dangdanan Sisingaan mibanda harti sangkan bisa ngajaga biwir, panon, ceuli jeung irung. Éta parigeuing kaunggel tina rajah saméméh Sisingaan digelar. Anus ok ditepikeun ku kokolot lembur. Kieu ungkarana “Nyanggakeun pangabakti, kana bakal anu opat, nu bakal jadi manusa, ceuk sakaol guru kaulanun, kana bumi, kana geni, kana banyu, kana angin, bumi metukeun cahaya hideung, nu nyata jadi pangucap, geni metukeun cahaya beureum, nu nyata jadi panguping, angin metukeun cahaya kuning, nu jadi pangangseu, banyu metukeun cahaya bodas nu nyata jadi paninggal.Paralun, ka gunung bakal kacatur, ka lebak bakal kasaba, ka curug bakal cunduk, ka batu bakal kasebut, ka cai bakal kasungsi, ka tangkal bakal kapahpral. Kakabéh anu katincak, kaliliwatan, neda agung nya paralun.
Ayana budak Sunat jeung kolot anu mayungan eusina ngagambarkeun” dina kiwari aya kamari, tinu kamari aya bihari, seja ayeuna sampeureun jaga”, Éta ungkaran leuwih ditandeskeun ku karuhun Kisunda, sakumaha kaunggel dina naskah kuna Amanat Galunggung Kropak 632 “ Hana nguni hana mangké, tan hana nguni tan hana mangké, aya ma baheula hanteu tu ayeuna, hana tunggak hana watang, hana ma tunggulna aya tu catangna. Hartina ayana kiwari kusabab ayana kamari, moal aya kiwari mun teu aya kamari, moal aya tangkal mun taya dahan, moal aya tungtul mun taya catangna. Eusina ngélingan urang Sunda, sangkan éling purwadaksi, sarta kudu migawé pagawéan anu gedé mangpaatna, anu baris karasa karampa ku urang ayeuna, jeung kaala mangpaatna ku katuranan urang jaga.
Nu ngagotong Sisingaan mibanda harti hirup kudu sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan, sabata sarimbagan.
Eksistensi Sisingaan
Sisingaan baris ngadeg, ngajega tepi ka jaga, satungtung karasa, karampa mangpaatna ku masarakat panyanggana..


Sumber Bacaan
Edi Sedyawati
1981 Pertumbuhan Seni Pertunjukan, Sinar Harapan, Jakarta.
Heri Herdini
2005 Seni dan Ritual Sebuah Pengantar, dalam Panggung Jurnal STSI,Bandung.

Ihroni,T.O. Ed.
1999 Antropologi Budaya, Yayasan Obor Indonesia, Jakarta

Jakob Sumardjo
1997 Perkembangan Teater dan Drama Indonesia, STSI Press, Bandung
--------------------
2009 Simbol-Simbol Artefak Budaya Sunda, Tafsir-Tafsir Pantun Sunda, Buku Tiga, Kelir, Bandung
---------------------
2011 Sunda Pola Rasionalitas Budaya, Kelir, Bandung

Khadar Hendarsyah M, dkk.
2008 Ragam Budaya Kabupaten Subang, Dinas Kebudayaan, Pariwisata, Pemuda dan Olahraga Kabupaten Subang

Koentjaraningrat
2003 Pengantar Antropologi I, Rineka Cipta, Jakarta

Mas Nanu Munajar
2005 Upacara Nyeukeutan Pada Bulan Maulud Di Kampung Palabuan Desa Sukamelang Kabupaten Subang, dalam Jurnal STSI Bandung.

Sal Murgiyanto
2004 Tradisi dan Inovasi Beberapa Masalah Tari Di Indonesia, Wedatama Widya Sastra, Jakarta
Share this article :

Label

1990 (11) 1991 (2) 1992 (19) 1993 (35) 1994 (1) 1995 (27) 1996 (11) 1997 (35) 1998 (25) 1999 (28) 2000 (20) 2001 (20) 2002 (12) 2003 (12) 2004 (7) 2005 (20) 2006 (1) 2007 (36) 2008 (17) 2009 (33) 2010 (37) 2011 (46) 2012 (37) 2013 (8) 2014 (21) 2015 (10) 2016 (12) aam masduki (12) ade MK (2) adeng (12) Agenda (24) agus heryana (13) Ani Rostiati (8) arsitektur tradisional (2) Artikel (78) bahasa (6) banceuy (1) bandar lampung (2) Banten (13) Bartoven Vivit Nurdin (1) Berita (136) Bimbingan (7) Bogor (1) budaya (194) Buddhiracana (15) Bunga Rampai (1) ciamis (6) Cianjur (3) cimahi (1) cirebon (11) dialog (9) Dibyo Harsono (6) DKI Jakarta (4) download (3) ekonomi (11) Endang Nurhuda (4) endang supriatna (7) enden irma (10) euis thresnawaty (8) Festival Kesenian Tradisional (2) folklore (4) Galery (6) Garut (10) gembyung (1) geografi sejarah (9) gua sunyaragi (1) halwi dahlan (6) hermana (9) herry wiryono (12) heru erwantoro (12) iim imadudin (9) Indramayu (5) Info (9) irvan setiawan (5) iwan nurdaya (1) Iwan Roswandi (6) jawa barat (33) Jurnal Penelitian (186) Kabupaten Bandung (4) kampung (1) kampung kuta (1) kampung mahmud (2) kampung naga (1) Karawang (3) kekerabatan dan organisasi sosial (10) keraton kacerbonan (1) keraton kanoman (1) keraton kasepuhan (1) kesenian (18) komunitas adat (6) Kuningan (1) Lampung (5) Lampung Utara (1) lasmiyati (12) lawatan budaya (4) lawatan sejarah (3) lebak (7) lina herlinawati (11) lomba penulisan (1) Majalengka (5) mapag sri (1) mitos (1) moh ali fadhillah (1) mumuh (1) museum (1) nandang rusnandar (14) naskah kuno (6) nina merlina (7) pakaian (3) Patanjala (97) Pembekalan Teknis Penelitian (1) Pembekalan Teknis Perekaman (2) Penayangan Film dan Diskusi Kebudayaan (10) pengetahuan (4) pengobatan (4) pengrajin (3) perikanan (2) perilaku manusia (1) peristiwa sejarah (11) permainan (3) Perpustakaan (332) peta budaya jawa barat (1) Purwakarta (2) religi (11) Resensi Buku (1) ria andayani (13) ria intani (10) Risa Nopianti (1) rosyadi (9) sejarah (75) sektor informal (5) Seminar Hasil Penelitian (2) Seminar Sejarah (1) Seminat Hasil Penelitian (1) seni pertunjukan (5) Serang (2) subang (7) Sukabumi (5) sumedang (5) Suwardi Alamsyah P (14) Tangerang (1) Tasikmalaya (7) teknologi (4) Tinjauan Buku (2) Tjetjep Romana (8) tokoh sejarah (1) toto sucipto (12) tradisi lisan (6) upacara tradisional (8) Video (3) WBTB (1) Yanti Nisfiyanti (9) yudi putu satriadi (12) Yuzar Purnama (13)
 

BPNB Jawa Barat - Copyright  © 2012 All Rights Reserved | Design by OS Templates Converted and modified into Blogger Template by BTDesigner | Back to TOP